Ulasan nu Hade

Postingan ieu lain maksud rek agul ku payung butut, da lain ngaposting hasil copy jeung paste hungkul, tapi ditambahan cara nulis ulasan anu hade

Teu penting angka nu aya dina gambar ieu, nu jelas mah google teh salawasna sok ngahargaan kana usaha masing-masing.

Ngeunaan nyieun ulasan nu hade dina tempat nu kadaftar di Google maps (peta), aya sabaraha syarat, diantarana :

  1. Minimal 200 huruf
  2. Nyebutkeun deskripsi tempat nu khusus (beda ti batur)
  3. Jalan asup kudu dijelaskeun, lega atawa sempit, gampil atawa susah.
  4. Naon wae fasilitas nu ditawarkeun pikeun nu datang
  5. Naon alesana urang beut hayang datang ka eta tempat.
  6. Disebutkeun oge parkirna aman / teu, naon kadaharan nu jadi kojo di ieu tempat
  7. Jeung sajabana

Mudah-mudahan aya manfaatna, lain ngan saukur loba, tapi kudu kaharti tur jelas.

Hatur nuhun Was Salaam

Dedi Sopandi Sofwan - Bandung

13 Likes

Well done! you’re doing wonderful contribution on Google maps @PaDeSSo

Keep contributing

1 Like