This post using sundanese,tap to top right corner and choose your own languange for translate.
katetangan.kumpulan gambar local panuntun dina acara patepung lawung anu langsung.
Baraya sadayana anu mugia salawasna aya dina kawaluyaan.Postingan ieu teh mangrupa ringkesan patepung lawung lokal panuntun anu alhamdulillah tiasa kalaksanakeun di kota Tangerang Banten.Ieu teh mangrupa kolaborasi patepung lawung langsung antara lokal panuntun ti kota Sukabumi nyaeta abdi sinareng lokal panuntun Tangerang nyaeta kang Miftah,kang Andre sinareng teh Ratri.
Dina patepung lawung ieu teh saleresna dadakan pisan kumargi teu aya dina agenda sateuacanna.Mun tiasa kalaksanakeun sok sanaos waktosna teu tiasa lami.
Kaleresan abdi nuju aya peryogi di Tangerang teh,janten mangkat ti Sukabumi,Jawa Barat ka kota Tangerang di Banten.Dina dinten sabtu enjingna alhamdulillah tiasa patepung lawung sinareng kang Miftah @360bymiftah sasarengan naek motor SUNMORI ( sunday morning riding) di sabudereun Tangerang pikeun patepung lawung sinareng komunitas lokal panuntun nu aya di Tanggerang.
Saleresna mah abdi teh kirang wanoh kana rute atanapi jalan raya anu aya di Tangerang dina awalna mah bade patepang lawung di TangCity Mall
Tangcity Mall
https://maps.app.goo.gl/7PkxCgLHgd9wbKiy7
da rute jalanna teu seueur kaditu kadieu,kumargi ays kang Miftah sebagai panunjuk jalan anu tos apal seluk beluk Tangerang akhirna mah tempat patepung lawung ieu teh diayakeun di AEON MALL BSD
AEON Mall BSD
https://maps.app.goo.gl/8dhJp8WccFpNQ9WNA
Sok sanaos dadakan ngahaturkeun pisan ka rengrengan lokal panuntun kang Andre @Andreansyah @,teh Ratri @Qetuobishop sinareng rengrengan tangerang lokal panuntun anu parantos ngiring ilubiung dina virtual sinareng titip salam.Teh Yulia,Teh Dewi,Kang Radja Sitanggang sareng sanesna hatur nuhun parantos ngiring video call.
Dina waktos patepang ilu biung ieu aya pasamoan sagala mangrupa foodcrawl di salah sahiji restoran anu aya di Aeon Mall.Kumargi masih keneh dina kaayaan pandemik virus Corona nya aya batesan teu tiasa ngabarak tuang raramean,kedah aya jarak physical distancing tea namina.
katerangan:food crawl dina acara food carnival lokal panuntun
Saterasna aya aya photo walk di sabudereun mall anu ditutup ku acara Shopping atanapi balanja.Ngahaturkeun nuhun pisan ka kang Andre sareng teh Dewi titipan bingkisanana katampi pisan,sareng katuanganana raos pisan.
Acara patepang sono patepung lawung ieu kedah rengse ba’da lohor,kumargi masih keneh seer agenda sanesna.Abdi,teh Ratri sinareng kang Miftah kang Andre kedah paturay tineung.Insya Allah tiasa tepang deui sanes waktos.
katerangan.photo nu ngagambarkeun kaayaan bungah dina acara patepung lawung lokal panuntun Sukabumi sareng lokal panuntun Tangerang.photo sumberna ti kang Miftah sinareng teh Ratri teu kakantun photo ti kang Andre.
Sakali deui hatur nuhun ka sadayana anu parantos tiasa patepang langsung,oge anu parantos ngagabung dina virtual.
Rahayu baraya sing sehat salawasna.
Ieu aya video cuplikan anu ngagambarkeun waktos sunmori lalampahan ti Sukabumi bade ka Tangerang .