katerangan : katuangan dodongkal di pajang di gorobag anu icalan
Baraya lokal panuntun sadayana kumaha damang ? ,taun 2020 tos bade kalangkung mugia dina taun enggal nu bakal datang sadayana Lokal panuntun aya dina kabagjaan tur kacapai naon anu di cita cita .
Sateuacan ,neda ijin hoyong ngawanohkeun salah sahiji katuangan ti tatar priangan sunda ,utamina jajanan pasar anu kasohor di Sukabumi ,katuangan nu namina dodongkal ,nyaeta mangrupa olahan tina tipung beas anu di seupan dicampur ku gula kawung asli dina aseupan ,dibungkus ku daun cau teras di awuran kalapa parud anu mejehna tong kolot teuing atawa dawegan kalapa na
katerangan : proses ngadamel dodongkal
Jajanan ieu teh seueurna di ical ngider atanapi mangkal dina gorobag di sisi jalan ,hargina ti kawit 2 rebu atanapi 5 rebu sapasina . Tah nu raos pisan mah dodongkal na anu dadakan anu haneut keneh ,dituang langsung tina aseupan masih ngebul sareng kaangseu ,seungit gula kawungna . Tong hilap di emam na sareng rerencangan éok karaos nikmat teu aya dua na.
Jajanan ieu teh abdi mah meser na di payuneun pabrik tempat damel Pasar gsi . Biasana mangkakna teh enjing ti kawit tabuh 5 dugika tabuh 8 sareng sonten ti tabuh 3 dugika magrib .
Upami saderek lokal panuntun kaleresan nuju ka Sukabumi Bogor atanapi Cianjur ,dodongkal teh jajanan nu tos teu biheung deui da nu icalan na aya dimana mana . Mung pami di Bandung mah ieu katuangan teh katelahna teh awug namina . Hayu urang dukung bisnis alit di sabudereun urang sarerea ku jalanna urang cobian kuliner lokal heg wanohkeun ka rerencangan atanapi kulawarga . Insya Allah berkah pikeun kamaslahatan ka sararea boh ka nu ngagaleuh sareung kanu ngical na . Bahasa moderen na "support small busineses "
katerangan : gorobag nu ngical katuangan dodongkal katuangan khas tatar priangan
Ieu postingan sok sanaos telat teu sawios nya baraya lokal panuntun , abdi bade wantun nge tag teh @Velvel ,kumargi tos janji sasih kamari bade mosting katuangan pikeun tantangan mun teu kabujeng .
Hatur nuhun baraya lokal panuntun sadayana , patepang deui dina postingan salajengna .