This post using Sundanese,take easy just hit the translate button at the top right corner and hope you enjoy,thank you !
katerngan: kumpulan photo naek motor,selfie lokal panuntun sareng photo walk katuangan.
Sehat salawasna lokal panuntun sadayana!
Naon nu bakal ku anjeun pikirkeun upami
travelling tapi seueur pisan tantanganna ?
- Mangkat ti imah isuk pisan jam satengah 7 ti Sukabumi nganggo motor .
- Di jalan pusat kota Bogor aya razia wahon anu ganjil genap ti kapulisian,tapi alhamdulillah tiasa lolos teu kapegat, mohon teu kénging diturutan da kirang sae
- Di tengah perjalanan wilayah Parung Bogor sateuacan wilayah Tangerang tukeran motor heula sareng motor anu wargi provinsi Banten kumargi motor abdi nomer angka genap tur béda wilayah da hawatos seueur razia wahon ganjil genap atanapi jalan anu di tutup kanggo warga luar sareng sajabina.
- Perjalanan dina motor tos teu tiasa di lajeungkeun deui kumargi kedah gentos naik karéta KRL di Stasion Serpong Tangerang,teras transit atanapi kedah ngalih gentos kana karéta séjén deui kumargi beda tujuan akhir di Stasion Tanah Abang
- Kedah naek bus di kawasan Thamrin-Sudirman Jakarta,tapi salah tempatna, sakuduna di halte Tosari,jadi bus teu aya wae ,jadi nyéwa ojeg online pikeun ngalanjutkeun ka stasion kareta LRT di Velodrome Jakarta Timur.
- Dilajeungkeun naek kareta LRT kumargi ieu mangrupa pangalaman pertama naik LRT jadi salah turun di stasiun anu pangakhirna di stasion Pegangsaan dua ,atuh janten naek deui kana eta karéta ka stasiun anu tadi anu kalangkung di Boulevard Utara
- Total perjalanan langkung ti 6 jam,ngawitan ti kota Sukabumi,Bogor,Tangerang dugi ka Jakarta.
katerangan:rupa rupi transportasi kanggo travelling
Saatos kaluar ti stasion LRT terus lempang asup ka Mall Kelapa Gading
https://maps.app.goo.gl/ausjV4mFhR4dt8az7
Di payuneun mall tos aya lokal panuntun ogé connect moderator anu tos kasohor Queen foodie local guide di forum connect,teh Feliciana @Velvel bungah pisan tiasa patepang. Terus ngantosan Ivan Yudhi @iyudhi connect modererator anu pangheulana aya, ogé katelah lokal panuntun nu lami eksis, anu seeur pangalaman di komunitas lokal panuntun.
Tepang langsung sareng teh velvel teras kang Ivan Yudhi bisa disebutkeun anugerah kumargi sadidinten kang Ivan aya di United States, téh Feliciana ogé kadang damelna teu aya di Jakarta unggal waktos.
Alhamdulillah duanana soméah pisan.malihan mah kang Ivan sareng teh velvel sababaraha kali nyarios ka abdi :
"Nyai kumargi anjeun nuju aya di Jakarta sok ayeuna hayu kukurilingan heula di mall,bade tuang naon, milih sakahoyong ? "
Nyimpang nepika 3-4 gerai di mall,nyaéta
di restaurant japan ramen noodles,cafe Yogurt sareng coffee shop .
katerangan: food crowl local panuntun
Sadayana order katuangan teh dipangmayarkeun ku téh Velvel sareng kang Ivan Yudhi.Hatur nuhun pisan ka sadayana,mugia di sing dipaparin milik rezeki anu seueur anu berkah sing bagja salawasna.
Salain food crowl,photo-photo katuangan acara meet-up ieu di eusi ku obrolan anu manfaat,kang Ivan sareng teh velvel seeur pisan babagi elmu pangalaman sinareng diskusi ngenaan sagala hal anu aya patula-patalina sareng google maps local guides.Ngabagi pangalaman katuangan éta ahlina téh Velvel,Pangalaman ngenaan forum connect atanapi acara local guides éta ahlina kang Ivan.
Teu karaos waktos paturay tos dugi.Pamitan ka sadayana ngahaturkeun nuhun pisan kumargi parantos ngaluangkeun waktos.
katerangan : tas lokal panuntun “local guides” kang Ivan Yudhi
Carita meet-up ieu parantos réngsé ? Masih aya keneh .Mulih meet-up hp teh tos pareum da teu aya baterai.
Singkatna saatos turun tina karéta di Serpong Tangerang,abdi ngalanjutkeun perjalanan nganggo motor anu di titip di parkiran waktos berangkat meet-up.
waktosna wengi tabuh satengah 8, kumargi abdi teu tiasa nganggo Google maps dina hp kanggo arah tujuan jalan ,abdi janteun salah jalan,jadi nyasar katalimeng nepi ka panggih jeung jalan buntu,jalan anu teu aya deui rute na.
Katerangan: ilustrasi kasasar teu terang jalan ka mana. Where am I ?
Alhamdulillah aya jalmi bageur pisan anu nulungan, ngajajapkeun ka ka arah jalan anu bener kumargi anjeuna hawatos da abdi teh nyasar na lumayan tebih saurna.
Puji syukur, dugi ka imah ( imah anu kakak) di Tangerang tabuh 10 wengi dina kaayaan sehat sareung salamét.
Janteun lokal panuntun sareng kontribusi dina maps abdi percanten éta manfaat pisan ka nu nganggo maps,teu kedah ngaharep bayaran sabab program sukarela tapi dina waktos abdi kasusahan mah sok aya waé jalmi bageur anu nulung tanpa pamrih.
Hatur nuhun,wilujeng taun enggal 2022 lokal panuntun.
Salam rahayu